DANGDING DA’WAH

PangabéDangding Da’wah ini kami angkat ke blog ini, dikarenakan isinya syarat dengan tuntunan agama.

Bait-bait syair pada Pupuh ini, belum pernah dipublikasikan di media apapun, yang merupakan hasil karya original Almarhum Ki Béngkok (Bapak E. Memed bin Wikarma) yang tiada lain adalah bapak dari Admin Blog KKG PAI Sumedang ini.

Beliau dilahirkan di Desa Jambu Kec. Conggeang Kab. Sumedang pada tahun 1932 dan menghembuskan nafasnya yang terakhir pada hari Sabtu, 3 Januari 2004 (11 Dzulqo’dah 1424 H.) pada pukul17.30 WIB di RSU Sumedang.

Berikut sebagian dari dangding-dangding yang pernah digubahnya sebelum wafat, diantaranya:

1. MIM PITU (M.7) – (PUPUH SINOM)

Mim pitu nu kacarita
Aksara mim tujuh yakti
Ari éta papayanna
Minum madat maén maling
Anu opat ngahiji
Ibarat dulur sakandung
Da éta mah panasaran
Mun geus migawé nu hiji
Teu sugema lamun teu tepi ka opat

Padahal nya éta pisan
Bibit buitna berewit
Matak timbul kajahatan
Karacunan anu tadi
Saena para wargi
Omat ulah rék katipu
Mokaha ngasaan arak
Pék ngicip-ngicip saeutik
Engkéna mah éta jadi katagihan

Atawa nu dicampuran
Saperti ubar reujeung Bir
Éta gé taya bédana
Sanajan ukur saeutik
Tetep matak balai
Kadé ulah rék kaliru
Mokaha da pikeun ubar
Teu sieun pédah saeutik
Omat pisan ulah boga tékad halal

Ari nu disebat madat
Ngaran ayeuna narkotik
Ku pangarang ditambahan
NARKOTITKA éta uni
Ari hartos sayakti
Nagara téh bakal runtuh
Mun jalma-jalma teu iman
Takwa kanu Maha Suci
Sanajan pél matak mabok narkotika

Ari hartosna NARKOBA
Pangarang ngaran ngaganti
Éta ku basa daérah
Supaya jadi kaharti
Hartosna hiji-hiji
Ngaran-ngaran obat éstu
Éta teh anu dilarang
Ku nagara jeung agami
Éta pisan nu ngaruksak kana akhlak

Rumaja reujeung barudak
Jadi korban éta bukti
Urang kudu bisa nyegah
Saha baé anu bukti
Migawé éta sidik
Ku kituna urang hayu
Babarengan ngabasmina
Sangkan nu ngarora tingtrim
Tina bahya narkoba narkotik arak

Madon anu kalimana
Hubungan pameget istri
Teu karana akad nikah
Ijab kobul ti pa Wali
Éta éstu dipahing
Teu nurut tuladan Rosul
Bakal aya madorotna
Dina sanggeusna ngajadi
Enyaéta istri téh osok bangkayak

Tah éta mun kajadian
Anu kacarios tadi
Bapa téh kedah waspada
Nartibkeun dimana lahir
Mun bayina lalaki
Éta hukumna éstu
Hartosna moal tiasa
Terus wali nampi waris
Nu istri gé teu waris teu diwalian

Kanggo ngalereskeun éta
Asal sadar éta gampil
Ulah aya basa éra
Éta pasrahkeun ka hakim
Margi mun asal wali
Bari lain anu nyalur
Éta téh taya hartosna
Pasid nikah ngandung harti
Sami baé hukumna téh éta jinah

Margina pang kedah sadar
Ari bayi éta suci
Henteu aya kalepatan
Kolotna nu lepat yakin
Tah kitu para wargi
Ayeuna téh urang hayu
Kudu pada haradéan
Sangkanna ulah ngajadi
Kajadian anu awon balukarna

Anu sok jadi masalah
Upami putrana istri
Dina parantos déwasa
Tepung jodo ulah sulit
Kari pihak lalaki
Mun hayang sah tikah éstu
Ijab kobul éta tikah
Ku walina wali hakim
Margi kanggo turunan nu saterasna

Kanggo nyegah kajadian
Anu matak jadi sulit
Putra-putri tos déwasa
Sing caket kana agami
Ku sepuhna utami
Kedah sina nyiar élmu
Nya élmu soal agama
Supaya dirina ngarti
Bisa apal kanu halal sareng haram

Mun kaayaan darurat
Barudak tos sapakolih
Énggal baé diakadan
Ku wali najan di bumi
Kituna bapa wali
Kedah terang sarat rukun
Nu salapan pasal téa
Pinasti bakal ngajadi
Mun teu terang mungkur baé ka ulama

(Pangabé, 31/01/2002)

2.    Lamdasa (L.10) – (PUPUH MAGATRU)

Dangdanggula poma ulah lali
Ari nafsu pangajakna ala
Ngolo kawas ka nu gélo
Baku tukang panglulu
Ngangajak lampah pamali
Lamun urang ngawula
Tangtu ilang malu
Temahna jadi mamala mantak lali
Paribasana paduli
Lamun aya nu nyela

3.    LANSIA (Lanjut Usia) – (Pupuh Mijil)

Ari wajib éta angka hiji
Ari sunnah enol
Najan loba sunnah dipigawé
Tapi wajibna kaluli-luli
Éta taya harti
Ibadahna gugur

Rukun Islam éta lima wajib
Sami pada nyaho
Tapi ummat teu kabagi kabéh
Kawajiban pikeun fakir miskin
Éta ngan kabagi
Ngan saukur tilu

Syahadat Sholat éta kabagi
Puasa Romadlon
Ari zakat jeung munggah haji téh
Jejeg lima éta keur nu sugih
Sangkanna ngajadi
Haji anu mabrur

Fakir miskin tong ngarasa sedih
Sa-pédahna lowong
Teu boga ganjaran nu dua téh
Mungguh Gusti sifat welas asih
Masihan pangganti
Asal maké élmu

Amal urang asal maké ilmi
Ngéléhan sodakoh
Éta ogé sami zakat baé
Tapi haté kudu sing beresih
Ulah sulit ati
Komo jadi catur

Ari munggah haji fakir miskin
Dipasihan wartos
Dina amanat khutbah Jum’at gé
Haji fakir sareng raya miskin
Urang kudu hadir
Jum’ah sing khusyu

Aduh Gusti Anu Maha Asih
Sim abdi rumaos
Tékad ucap lampah téh campoleh
Beurang peuting henteu ngeunah cicing
Bari loba nyiar-nyiar pangabutuh

Pangabutuh keur hirup di lahir
Ibadah mah poho
Paribasa teu kaburu baé
Leuheung sunnah éta teu kaberik
Tampolanna wajib
Éta teu kaburu

Ayeuna mah ku abdi kapikir
Na rék gawé naon
Anggahota geus sagala lémpér
Anggur éling ka Nu Maha Suci
Modal nyiar ilmi
Nyembah ka Yang Agung

Margina mah ari tholab ilmi
Sajabina ngartos
Ganjaranna éta leuwih gedé
Niat indit bari khusyu ati
Dugi ka gék calik
Dosa téh murudul

Laleungitan kitu mungguh Gusti
Tapi ulah sombong
Sanajan enggeus cupar papancén
Tapi urang kudu sing taliti
Nu jadi panyakit
Dina ngolah élmu

Ngamalkeun élmu téh kudu ta’dhim
Hartosna tawadlo
Ucap lampah kudu dépé-dépé
Cara kitu pinasti kapanggih
Rupaning panyakit
Nu ngaruksak élmu

Ujub ria éta ieu aing
Rasa manéh nyaho
Ka batur sok nganggap sepélé
Henteu naliti diri pribadi
Anggur nalungtik
Kasalahan batur

Lamun kitu téh kana pinasti
Kajadian garot
Maksud alus hasilna téh goréng
Jalmi saé di payuneun Gusti
Nu rumasa laip
Teu ngarasa alus

4.    SALAH HARTI – (PUPUH MIJIL)

Loba jalma kaprah salah harti
Pajahkeun  téh gélo
Padahal mah musibah éta téh
Henteu éling kana purwadaksi
Ku kersaning Gusti
Enggoning keur hirup

Pangarang nukilna tina hadits
Waktos Rosululloh
Sareng sohabat mendak nu aéb
Aya jalmi anu bubuligir
Teu nganggo sacewir
Pakéan nu nyarung

Sohabat nyarios itu gusti
Aya anu gélo
Saur Rosululloh éta sanés
Éta mah jalmi anu teu éling
Kaleresan kénging
Musibah nu Agung

Nu gélo mah éta anu éling
Sarta bari nyaho
Lampah goréng keukeuh dipigawé
Henteu ngarti embung nyiar ilmi
Tara daék ngaji
Teu ari ku ripuh

Ayeuna urang hayu naliti
Diri téh ditaros
Kaasup naon atuh urang téh
Naha kaasup jalmi nu ngarti
Sarta bari éling
Atawa burung                   

(Pangabé, 5 – 01 – 2002)

5.    SILOKA (Irung Mancung) – (PUPUH PUCUNG)

Irung mancung dieunteupan laleur tilu
Ditepak teu beunang
Eunteup ka nu biwir jebléh
Huntu tonggar dieunteupan bango butak

Siloka téh éta aya dua simbul
Mangrupi pangajak
Kana goréng reujeung hadé
Éta kitu nu kapendak ku pangarang

Naon atuh ari éta simbul irung
Anggahota badan
Anu salilana jéntré
Tara bohong anu sakur kapanggihna

Réntétanna reujeung laleur anu tilu
Hartos laleur éta
Ucap, lampah, reujeung haté (iman)
Salilanan migawé dinu jalan hak.

Najan digoda ku anu mantak untung
Hasil lampah salah
Ukur ceurik meper haté
Nafakuran akibat nu kahareupna

(Hartos tonggar):
Naon atuh ari éta simbul huntu
Nyatana pangucap
Ngawengku baham éta téh
Komo pisan ieu mah jeung bari tonggar

Gawéna téh ngan ukur ngomongkeun batur
Anu tanpa guna
Keur diri reujeung nu sanés
Nyaéta anu disebutna ngupat

Simbul bango lamunna pareng ngajentul
Sukuna sabeulah
Napak sabeulah méréngkél
Éta ciri, éta simbul ajaran nu sifat ahad

Huntu tonggar anu tadi geus kasebat
Najan diajakan
Ka ajaran sifat ahad gé
Tetep butek dolim poék pamikiran

Kasimpulan nu ka-hiji keur nu jujur
Najan diajakan
Laku lampah anu goréng
Tetep tagen dina pamadegannana

Nu ka-dua laku lampah nu teu jujur
Jalma tukang salah
Salilana embung éléh
Gawéna téh ngan ukur meunang sorangan

Na kumaha lamunna ari ari geus kitu
Kari urang pasrah
Sumerah kana papastén
Saé awon éta téh takdir pangéran

4 responses to “DANGDING DA’WAH

  1. Ping-balik: DANGDING DA’WAH | FKKG II SUMEDANG

  2. sae- sae……, sae pisan, mun lain saukur didangdingkeun nya????

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s